Powered By Blogger

SELAMAT DATANG

Assalamu'alaikum wr.wb.
Saya ucapkan "Selamat Datang" untuk yang baru melihat blog ini.
Anda bisa bergabung disini, serta diperbolehkan untuk mengcopy-paste dengan syarat tidak diaku kata-kata yang tertera di blog ini.


Terima Kasih!

Picture

Sabtu, 01 Oktober 2011

Conto Otobiograpi Sunda

             Abdi saurang lalaki anu babar di Cirebon,kaping 8 Desember 1995. Medal  ka dunya lantaran pikaasih ti sepuh abdi. AGUNG PERMANA nyaeta nami nu dibere sepuh. Abdi budak ka opat ti opat saderek. Pun Bapak sareng Pun Biang saurang guru. Nanging abdi amat katenggeul lantaran kedah papisah sareng Bapak. Pun Bapak ngantunkeun waktos abdi yuswa 12 taun. Ayeuna sadaya lanceuk abdi parantos rimbitan. Lanceuk nu ka hiji sareng ka dua aya di Cirebon sareng Pun Biang. Upami abdi ngiring lanceuk abdi anu ka tilu di Bandung ti tamat SMP.

              Pendidikan abdi dingawitan di Cirebon, SDN 1 Plumbon, teras di SMPN 1 Plumbon-Cirebon. Taun 2008 abdi ngalangkahkeun sampean di SMP. Di SMP, abdi ngalewatkeun piwulang sareng gampil. Lantaran piwulangna masih keneh tahap dasar. Abdi osok meunang ranking. Abdi teu balajar, balajar sareng balajar anu sipatna kognitif wae. Nanging abdi ngembangkeun oge psikomotorik di widang organisasi pramuka sareng band. Di pramuka,abdi meunangkeun seueur suka duka, lomba, penghargaan, poko'na mah seueur kenangan nu dilewatkeun waktos eta.

              Waktos-waktos MPLS (Masa Pengenalan Lingkungan Sekolah) atawa disebat oge MOS (Masa Orientasi Siswa) nyaeta waktos anu teu kahilapan. Di MPLS aya rupi-rupi kagiatan nu dilaksanakeun, misalna kaulinan anu ngabingaheun. Dilaksanakeun kaulinan anu ngaakrabkeun sareng babaturan atanapi sareng akang teteh OSIS. Abdi dibere rupi-rupi bimbingan moral nu aya patalina sareng sakola, oge diperkenalkeunana ekskul-ekskul SMAN 16 Bandung.

              Sapopo nu abdi lewatkeun dina waktos SMP,ngadamel abdi osok sumanget ngalawan dunya pendidikan SMA anu pinuh tantangan. Motto abdi ti baheula nyaeta 3T (Tekun, Tabah, Takwa). Kahayanganna abdi di SMAN 16 Bandung ieu nyaeta mugia abdi meunang prestasi sareng janten nu nyongcolang. Di dieu abdi kedah hirup mandiri supados abdi sakola teh teu ngabebani kulawargi abdi. Keur ngala tujuan eta, abdi getol diajaran sareng teu hilap oge ngadoa ka Gusti Allah. Motivasi ti kulawargi oge osok ngringi langkah abdi. Abdi hayang nyieun aranjeun bangga lantaran hasil nu bakal abdi meunangkeun ddi dinten salanjutna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar